Postingan

Pancuran Kramat Cinunuk Tutugan Gunung manglayang

Gambar
 ALAM PAKAMPUNGAN CINUNUK

Giat Tarali Kolot Tatar Pasundan

Gambar
                                                     TATAHAR LAHIRNA PAGUYUBAN SENI BUDAYA LIGAR PUSAKA BUHUN TARALI KOLOT TATAR PASUNDAN Seja ngaguar karya luluhur ngangkat ajen tanah pasundan ( Tarali kolot jadi jirim sabilulungan nu di barengan ku rasa Silih Asah, Silih Asuh tur Silih Asih ).                                                                                             

Tadabur Alam dan sejarah Budaya

Gambar
                                      NERAPKEUN KAMANDIRIAN ( TADABUR ALAM )      Bray caang alam padang, meuleutekna serengenge di bareungan ku baceona manuk jeung sato sejena, nganteur lengkah urang leumbur pikeun upaya dina bidangna masing - masing, alam nu endah jeung rupaning pangeusi alam pangampungan, jadi ciri has suasana kaayaan di pileumburan, nu mere betah, genah, merenah tur tumaninah.        Barudak baretah dina kaulinan masing - masing surak bari eak - eakan ciri betah dina alam pileumburan nu jadi kaulinan estu di cipta supaya jadi ajaran hirup dina pergaulan, didikan jasmani oge mental jeung hirup sabilulungan. Kasorenakeun barudak ngabring kacai kaleuwi pikeun beberesih diri , di anteur kusora tongeret, berseka bersih jiwa jeung ragana sabab jauh tina sangkut paut pergaulan nu teu nyari, beurang di ganti peuting, tiis jeumpling nu ka dangu ngan sora sato sawa, siduru dina durukan bari ngadangukeun dongeng kolot baheula, ngenaan Agama, wawasan jeung kabuday

Seni Pengrajin Cinunuk

Gambar
                                                             MUDA BERKARYA

Pemuda Peduli Lingkungan Bersama Bupati Kab. Bandung

Gambar
                                                      PAPAGEUR LEUMBUR GERAKAN PEMUDA PEDULI LINGKUNGAN PEMUDA PEDULI BENCANA JEUNG KNFI KAB.BANDUNG ( KOMITE NASIONAL PEMUDA INDONESIA Leumah cai kuring jagaeun kuring, micinta kaleumah cai tangtu leuwih ngajaga ngariksa kana  sagala rupa nu baris ngajadikeun lingkungan ruksak, kajaga kariksana lingkungan jadi bukti sigeupna manusa nu aya di sagedengeun eta lingkungan.

Uga Wangsit

Gambar
                                                    UGA WANGSIT SILIWANGI        Manusa hirup jeung alam, alam hirup jeung manusa, manusa tanpa alam lir ibarat hirup teu jeung huripna, mulusna alam tergantung kanu aya di sagedengeunna eta alam.        Manusa kacida deuheusna jeung alam, moal aya manusa mun teuaya alam, Raga sarira manusa asal tinu alam,Wadina, madina, manina, maningkeumna, asal tina saripati alam, kuhalna kitu bisana nyukuran jeung ngajagana kana haq cipta zat numaha sampurna, baris jadi cukanglantaran Ridho manteuna kusabab manusa bisa nyukuran nkmatna jeung tumarimana, ku Ridhona Gusti sakaligus baris ngajadikeun karidhoan mahluqna, kusabab manusa bisa nyukuran kanu nyiptakeunna.

Seni Tradisional Celempung Bitung Wulung

Gambar
                                                                                         SENI CEULEUMPUNG AWI BITUNG WULUNG Awi Bitung Wulung nanjeur jalugjug tangtung Tara beungkung,  paranjang sabuku - buku lalantas tur paranteus, sa buku miguna saleunjeur loba gunana sadapuran jadi papageur nu kukuh tur pengkuh, dauna nu ngaroyom jadi teumpat pangiuhan,beuki kolot beuki ngeureng, teu laas  kahujanan teu geudag ka anginan, tetep ajeg dina dapuran.