Tadabur Alam dan sejarah Budaya

                                      NERAPKEUN KAMANDIRIAN ( TADABUR ALAM )


     Bray caang alam padang, meuleutekna serengenge di bareungan ku baceona manuk jeung sato sejena, nganteur lengkah urang leumbur pikeun upaya dina bidangna masing - masing, alam nu endah jeung rupaning pangeusi alam pangampungan, jadi ciri has suasana kaayaan di pileumburan, nu mere betah, genah, merenah tur tumaninah.

       Barudak baretah dina kaulinan masing - masing surak bari eak - eakan ciri betah dina alam pileumburan nu jadi kaulinan estu di cipta supaya jadi ajaran hirup dina pergaulan, didikan jasmani oge mental jeung hirup sabilulungan.

Kasorenakeun barudak ngabring kacai kaleuwi pikeun beberesih diri , di anteur kusora tongeret, berseka bersih jiwa jeung ragana sabab jauh tina sangkut paut pergaulan nu teu nyari, beurang di ganti peuting, tiis jeumpling nu ka dangu ngan sora sato sawa, siduru dina durukan bari ngadangukeun dongeng kolot baheula, ngenaan Agama, wawasan jeung kabudayaan sunda, senina oge budayana, di jentrekeun sabdangna - sabidangna meh paham kana guna manfaatna oge maksud jeung tujuanna.


Komentar

Postingan populer dari blog ini

Sejarah Nama Cinunuk Tutugan Gunung Manglayang

Tarali Kolot Tatar Pasundan(Djisim Khuring)

Tarali kolot Tatar Pasundan 2000 Kelompok 725.000 Jiwa