Sang Jaya Tutuban

Medar Pangancikan Wargi Sang Jaya Tutuban (Mengungkap Tempat Saudara Sang Jaya Tutuban) “Insun sang jaya tutuban, wawadah rohmah katunggalan cipta nu sampurna tina dasar panca nu manunggal. Asal insun tina rohmah nu ditipkeun ka ibu anu ngandung ka rama anu ngayuga. Ciri insun ti luhur rambut nu ngagulung, ti handap dampal jadi tapak lampah. Nu di kelir ku Kamaha Sucian Zat laisa kamislihi sai'un. Wasta insun, di kahyangan sang tumuhu, di pawayangan Raden Panca Wijaya, di pakalangan Anom Pamudar. Di alam rame wasta tina kacinta ibu sinareng rama nu ngajadi ciri awak sakujur: Nandang Hidayat. Wargi insun Raden Lanca Muda, Raden Lanca Darah, Raden Kanca Banyu, Raden sang Jaya Tali Ari-Ari. Padumukan wargi insun sagedengeun batu tatapakan, legana sadeupa, jerona sasiku nu jadi saksi nini paraji.Gelar tutuban insun Satria pasundan, Sir Prabu Taji sanghyang, Insun disampurnakeun ku karidhoan. Kalayan gelar: Nandang Hidayat, Pang linggihan di RT 04 RW 09 Kp. Cib...