Sang Jaya Tutuban
Medar Pangancikan Wargi Sang Jaya Tutuban (Mengungkap Tempat Saudara Sang Jaya Tutuban)
βInsun sang jaya
tutuban, wawadah rohmah katunggalan cipta nu sampurna tina dasar panca nu
manunggal. Asal insun tina rohmah nu ditipkeun ka ibu anu ngandung ka rama anu
ngayuga. Ciri insun ti luhur rambut nu ngagulung, ti handap dampal jadi tapak
lampah. Nu di kelir ku Kamaha Sucian Zat laisa kamislihi sai'un. Wasta insun, di kahyangan sang tumuhu, di pawayangan Raden
Panca Wijaya, di pakalangan Anom Pamudar. Di alam rame wasta tina kacinta ibu
sinareng rama nu ngajadi ciri awak sakujur: Nandang Hidayat. Wargi insun Raden
Lanca Muda, Raden Lanca Darah, Raden Kanca Banyu, Raden sang Jaya Tali Ari-Ari.
Padumukan wargi insun sagedengeun batu tatapakan, legana sadeupa, jerona sasiku
nu jadi saksi nini paraji.Gelar tutuban insun Satria pasundan, Sir Prabu Taji sanghyang, Insun disampurnakeun ku karidhoan. Kalayan gelar:
Nandang Hidayat, Pang linggihan di RT 04 RW 09 Kp.
Cibolerang, Ds. Cinunuk, kab. Bandung di suku gunung Manglayangβ.
Sepintas mungkin segala pengungkapan yang ku tutukan terlalu
berlebihan dan aku pun merasa khawatir dengan semua yang aku ungkapkan,
khawatir orang ber prasangka lain dengan apa yang aku sampaikan. Tapi aku yakin,
para pembaca bisa lebih bijak dalam menilai sebuah karya dan lebih dapat memahami dan
memakluminya dari segala kekurangan dan kelebihan yang aku sampaikan.
Agar lebih memahami dengan apa yang aku sampaikan, aku
membuat beberapa pertanyaan dan di jawab oleh diri sendiri masing - masing...?
1. Aku adalah manusia bernama dan berciri. Siapakah namaku?
Siapakah aku? Apakah ciriku? Kalau aku tidak bisa mengungkapkan diriku sendiri
berarti aku tidak mengenal dirku sendiri. Lalu apa gunanya ke perkenalkan
namaku, akalu aku sendiri tidak mengetahui dari diri yang aku perkenalkan.
2. Aku lahir di kampung? RT? RW? Desa? Kecamatan?
Kabupaten/kota? Asal mula nama kampungku? Asal mula nama desaku? Asal mula nama
kecamatanku? Asal mula nama kotaku? Hal-hal keramat di kampungku? Hal-hal
keramat di desaku? Hal-hal keramat di kecamatanku? Hal-hal keramat di kotaku?
Mayoritas kegiatan di kampungku? Mayoritas kegiatan di desaku? Mayoritas
kegiatan di kecamatanku? Mayoritas kegiatan di kotaku? Karya-karya dari leluhur
di kampungku? Karya-karya dari leluhur di desaku? Karya-karya dari leluhur di
kecamatanku? Karya-karya dari leluhur di kotaku.
Kalau aku tidak bisa mengungkapkan dengan jelas dari semuanya,
berarti identitasku saja sebatas di KTP. Dan percayakah orang kalau aku
mengenalnya, sementara aku pun tidak mengetahuinya, atau orang akan menganggap
aku meniru dan mencontek dari karya orang lain.
- Sukma Layang Jamus
Kalimasada -
Sem:
pangangken - ngangken. Mar: menyemarakan dat na alam . nu diangken-angken: Lailaha
Illallah. Nu menyemaraken dat na alam: Muhammad Rosulullah SAW. Rupa hideung
bodas: amar ma'ruf nahi mungkar. Kawengku pola lampahna ku: Ikhlasul ubudiyah.
Hiji ciri insan kamil mukamil nu eling dina waktu nyaring. Nu lungguh tur
timpuh tur wijaksana. Nu legok ku tapak pang jeujeuh. Genteng kadek ku
kaluhungan. Lengkahna maju mundur: sigeur tengah, henteu wani henteu sieun,
henteu sieun komo wani. Pangaweruhna: Kuncung Putih pamentang langit.
- Sukma Ajar Padang -
Inna akromakum
indallahi atsqokum. Sinarengan sang pertanga pati gumanti, sang hyang latri.
Kebanyut ima-ima gambira, kalawan ancala. Cala puncak ing gunung Apus, geubang
si walang tunggal. Pindo pinadepakeun asta gangga wira tanu patra. Wangsi lan
kalam iku nembe didamel aksara wianjana, wianjani. Wianjana aksara alif binucal
ing begawat kilen, tumiba ing tanah Arab. Wianjani aksara ha binucal ing begawat
wetan tumiba ing tanah Jawi. Tinampenan ki Pujangga Prawa Lajeung didamel
akasara kali dasa.
Ha Na Ca Ra Ka Da Ta
Sa Wa La Pa Dha Ja Ya Nya Ma Ga BaTha Nga.( Hana ): aya eta hiji gempungan.(
Caraka ): medar cipta rasa jeung karsa.( Data ): tanpa nyulayakeun kana eta guaran.
(Sawala ): estu guyub halna mukakeun darajat kamulyaan manusa.( Padha ): sami-sami
sinuhu tunggal.( Djayanya ): sadarajat halna kasiram kalbuna ku kaluhungan.( Maga ):
ngalakukeun perbuatan dinu pangluhurna mungguh Gusti.( Bathanga ): batiniyah nu
tulus ikhlas kalayan iman jeung taqwa.( Yen : darajat manusa, muslim, muslimah eta
teu di ukur ku kapinteran, ku hartana, ku kagagahana, ku pangkatna, tapi iwal
ku iman jeung taqwana ).
- Ciri Legok Tapak -
Raweuy-raweuy buah
kai, cirina panceur reujeung akarna nu jadi purwadaksina. Daging kai kulit kai
gelar wawayangan nana tina ka awaman kana tingkat khowas. Peusat ngajadi,
ngaraweuy buahna. Daun nu ngaroyom jadi papayung agung pangiuhan tina kapanasan
tina kahujanan, kalawan riyeuk meuseum rupa ayeum. Buahna nu ngaraweuy jadi
landong kanalangsaan jeung kasasaran.
- Ciri Genteng Kadek -
Tapak soang di awang- awang, tuh
ngalangkang mun di sorang. Tapak meri dina leuwi tuh ngolengkang mun disungsi.
Galeuhna kangkung nu buni, tuh ngagerat mun di kotektak. Endog asal hayam,
hayam asal endog. Ari hayam jeung meri saciptaan nu Maha Suci, nu beda
karesepna jeung kabisana, ciri hade ku silih simbeuh silih asah ku pangabisa. silih asih ku pangarti, silih asuh ku pangaweuruh, Endog mapatahan hayam
payus, mun hayam nyileungleum dina padaringan. Hayam nitah ngojay hade ka meri
wajar mun meri ngojay dina pabinihan.
- Lungsur Jeujeuhan-
Kuda beureum napak
dina jalan cagak, rarangkena tujuh mahkota. Peucutna tujuh, Endongna tujuh.
Kadalina opat, nu tumpakna lima, kandangna opat. Pamakan nan na opat, parabna dua
belas rupa. Mun kacangcang iring-iringan, mun ngencar abrut-abrutan. Di
kendangan engklak-engklakan, di sawer sosoledatan. Geura kandangan kabujeung
surup.
- Panggugah Cipta Rasa -
Nu ebog geura gugah,
geura tinggal ka wetan priangan kantun tulisan, ka kidul jati pakuan gararing,
ka kaler Pajajaran pudar katutupan sari pati nu teu kaharti. Mana laku buhun
Aji Saka, mana ciri trah Siliwangi. Mana ancikan para Wali, mana tuturus laku
ti Rosulullah. Salaku panyam purna kabuhunan hayu urang hibeur ka awang-awang.
Layang jamus
kalimusada bilih ku rayap, layang sabda buana bilih teu kaguar. Ki Semar bilih
teu kaangkeun. Hayu urang pentang ku senjata konta ngaraksukeun kre anta kusumah
di mahkota aji wijaya, di geulang kembang cangkok wijaya kusumah. Ulah ringrang
direncangan taji sang hyang. Tuh tinggali gunung Pajajaran ngalingkung tapak
beujad kabagi opat. Papagon ciri turunan jati waringin. Tuh ombak laut kidul nu
motah nu jadi bukti ciri kabuhunan nu ngandung midjil kasajatian.
Masing eling kalawan
bukti, masing waspada kalawan laku nyata. Sing tarapti, calingcing sing pageuh
kancing, saringset sing pageuh ikeut, ieu jaman sangara iprit unggah masjid. Barakasakan di kedok
ulama. Balik ka jaman majapahit. Manuk di pucuk caringin kapanasan, jujukutan
kabeulit akarna, buahna niggangan akar pasti. Boro sato cacakan hayam keketokan
komo jalma eak-eakan. Nu pasti mentang kuncung ki Semar. Nu boloho di beulit
oray-orayan. Sajadah ngampar di sawah. Kopeah dipajang rupa warna. Sing kade
gobang konsrang. Ayak-ayak beas, nu badag moncor, nu lembut nyangsang. Sabab
caraka jadi bathanga.
- Tali Mangsa -
- Sifat manusa mulya :
sadar kana asal usulna. Ku halna katungtik lahir bathina, kasasar ragana,
kaguara sakujur awakna. Nagajadi apal kanu ngusik malikeuna. Hingga karampa aib
dirina. Sahingga subur kabijakana.
- Arahna kahuripan :
kadalina ajaran agama. Tuduhna firman nyatana tablig, corakna dakwah, raehanna
sabda, cirina pepeling, kembangna pituah.
- Arah dattullah :
panungtuna usuluddin, panetegna tajridul qolbi, awamna ibadah. Khowasna
ubudiyah, syareatna fiqih, hakekatna faqih, tumarimana sholat, lakuna
sambeyang, kukuhna teuteupan.
- Aturan jeung papada :
darajatna ahlaq, panghiyapna silih ajenan, sarina teu umaing, buahna a'mal.
- Aturan ikhtiar :
lampahna ikhlas, iteukna kasanggupan, tuturusna jeumbar, arahna barokah.
- Aturan
karesep : tangkalna manfaat, larasna manjing waktu, payungna hikmah.
Komentar