Pusaka Laras Patra Jagat Nata

PUSAKA LARAS PATRA JAGAT NATA, NGAGUAR TITINGGAL KI SEMAR ABAD 14

                                                         
    Syeh datu kafi ( syeh nur jati ) Tapak lacaknya ngancik di cihampelas, ciborelang, cinunuk, Manglayang.

                                                    --  PUSAKA LARAS PATRA JAGAT NATA  --                                  
                                                                              ( NGAGUAR  JATI DIRI KI SEMAR ) 

     GUNUNG KELIR  ALING - ALING GUSTI,  ALING - ALING WONG  NGAWAYANG, WAYANG HANUT  MARING DALANG, DALANG DI ANUTING WAYANG, KALIRE AYAN SABITA.
     SEMAR - SEMAR YA GEGELAR WAYANG AGUNG KELIR ANGRAGA SUKMA , SEMAR KUNCUNG PAKUNING ALAM, ( SEM ) PANGANGKEN - NGANGKEN ( MAR ) MENYEMARAKEN DAT NA  ALAM, NU DI ANGKEN - ANGKEN ( LAA ILAHA ILALLAH ) NU MENYEMARAKEN DAT NA ALAM ( MUHAMMAD ROSULULLAH ).

                       -  ELMU KI SEMAR DINA NGALURUSKEN AQOID  ILAHIYAH -

         (  TARAPTI, TALITI,NASTITI,  GUMATI, DINA NGALARAPKEN  ‘AMAL  ‘ IBADAH )
                                                                       -                          
                                                                  -  بدا ية الهد ا ية  -
                                                          
فا علم ايها الحر يص المقبل على اقثبا س العلم المظهر من نفسه صدق الر غبة و فرط الثعطش اليه انك ان كنت تقصد بطلب العلم المنا فسة والمبا ها ة والتقد م على الا قران واستما لة وجو ه النا س اليك و جمع حطا م الد نيا فا نت سا ع فى هد م دينك واهلا ك نفسك وبيع ا خر تك بد نيا ك فصفقثك خا سر ة وتجا رتك با ئر ة ومعلمك معين لك على عصيا نكا وشر يك فى خسر ا نك وهو با ئع سف من قا طع طر يق  
                                                               
   Kudu nyaho anjen hei kabeh jalma anu kaseungsreum tur anu nyang harep kana di ajar ‘ilmu anu ngazhohirkeun ti awakna, kana bener - bener hayangna kana ‘ilmu jeung bangeut ka seungsreumna kana ‘ilmu, saeunyana anjeun lamun aya anjeun, neja anjeun ku tholabul ‘ilmu teh karna hayang jadi pang alusna,jeung hayang jadi pang hebatna, jeung hayang jadi pang majuna hayang ngelehkeun kanu liana, hayang nunduk keun liana, jeung ngumpulkeun harta benda dunya, maka hal eta sarua jeung aranjeun migawe atawa ngalakukeun upaya dina niat rek ngarug rugkeun agama aranjeun sorangan, jeung ngaruksak awak aranjeun sorangan,sarua jeung ngajual akherat ajeun ku dunya anjeun, maka akad jual beli anjeun eta rugi oge perdagangan anjeun eta ruksak, jeung anu ngalajar hal model kitu ka aranjeun, nu nulungan ka aranjeun saruwa jeung nulungan anjeun nuduhkeun kana berbuat dosa   ( nyaeta mualim ) lir ibarat ngajual bedog ka begal barang nu pibahayaeun nu di pake kajahatan.                                                                                                                                                                                                                                                      .قال رسو ل الله صلى الله عليه و سلم - - من اعان على معصية ولوبشطر كلمة كان شريكله فيها - وان كانت نيتك وقصد ك بينك وبين الله تعلى من طلب العلم الهدا ية دون مجردالرواية فابشرفان الملا ئكة تبسط اجنهتهااذامشيت وحيتان البحرتستغفرلك اذاسعيت ولكن ينبغي لك ان تعلم قبل كل شيئ ان الهدايةالتي هي ثمرةالعلم لهابدايةونهايةوظاهروباطن ولاوصول الي نهايتهاالابعداحكام بدايتهاولاعثورعلى باطنهاالابعدالوقوف على ظاهرها  


NGADAWUH ROSULULLAHI SHOLALLAHU ‘ALAIIHI WASALLAM :
         Saha jalma anu nulungan kana migawe ma’shiyat sanajan ku sakalimah maka eta anu nulungan teh ka asup babaturanna nu di tulungan dina eta ma’shiyat, jeung lamun aya niyat anjeun jeung paseujaan anjeun, di antara anjeun jeung antara  Allah ta’ala tina nyiar ‘ilmu pituduh, lain wungkul ngariwayatkeun, maka kudu bungah anjeun, karena satemena malaikat eta ngabeberkeun pirang - pirang jangjangna di mana - mana leumpang anjeun jeung pirang - pirang mahluq cai eta mang mentakeun hampura keur anjeun, di mana indit anjeun ka ‘alim pikeun ngalap ‘ilmu.
        Tapi perlu di kanyahokeun ku anjeun sa memeh Tholabul ‘ilmi kana saeunyana Hidayah, anu eta Hidayah teh lir ibarat buahna ‘ilmu, pikeun eta Hidayah teh aya Bidayah ( awal ) aya Nihayah ( akhir ) oge aya zhohirna Hidayah jeung aya Bathina Hidayah, moal tepi anjeun kana Nihayahna Hidayah sa acan ngukuhkeun kana Bidayahna Hidayah, jeung bisa nyaho anjeun kana jeroan na Hidayah anging sa eunggeusna nganyahokeun kalawan jeulas pisan kana zhohirna eta Hidayah.

انامشيرعليك ببدايةالهدايةلتجرب بهانفسك وتمتحن بهاقلبك قان صادفت قلبك اليهامائلاونفسك بهامطاوعةولهاقابلة فدونك التطلع الى النهايات والتغلغل فى بحارالعلوم وان صادفت قلبك عند مواجهتك اياهابهامسوفاوبالعمل بمقتضاهامماطلا - - قاعلم ان نفسك المائلةالى طلب العلم هى النفس الامارة بالسوء -

KAUALA MERE ISYARAT :
        Isyarat pikeun aranjeun ku Bidayahna Hidayah, karena supaya nyoba - nyoba ngalatih diri anjeun ku eta Bidayah kana nafsu anjeun, jeung nyoba - nyoba anjeun ku eta Bidayah kana Hate anjeun, maka lamun manggihan anjeun kana Hate anjeun kana eta Bidayah teh condong kana  Bidayah  anu hade sahingga nurut kana eta Bidayah  hade jeung narima kana eta Bidayah anu hade anu mangrupa Hidayahna Nur ilahi anu asupna leuyeup kana sir anjeun, maka cokot ku anjeun tuluy tingkatkeun kana Nihayah na Hidayah jeung ancrub kana pirang - pirang rupa ‘ilmu anu jarero lir ibarat ancrub kana sagara, maka anjeun bakal manggih kana buahna  ‘ilmu kusabab nu dilakukeun nurut kana Tuduhna langsung ti zat laisa kamislihi syai’un nyaeta  Bidayahna Hidayahna ( Tuduh nu lain ‘ilmu tur lain ucapan tapi tuduh anu leuyeup nu nyalusup dina keukeuteug anjeun) tapi bila mana anjeun manggihan kana hate anjeun kana eta Bidayah kacampuran ku kereteg anjeun kana dorongan ujub,ria, takabur, sirik,pidik, jail tur aniaya, naon nu dilakukeun ku ajeun nuturkeun kana Bidayah Goreng maka ngarandeug anjeun sabab eta sangsi lain Bidayahna Hidayah tapi Bidayahna nu Baris ngajurumuskeun anjeun, nyaeta nafsu nu nitah anjeun ngalakukeun  kana hal kagorengan.

SAPARANTOSNA TEUTETUG BIDAYAH TINA HIDAYAH dina diri urang, lajeung urang ancrub kana rupa - rupa 'elmu,,di antarana 'elmu ngenaan ajaran ka ISLAMAN,,urang kudu lewih taliti tur tarapti supaya ajaran ISLAM bener - bener kaharti tur kapahami ku diri urang, sahingga urang bisa ngarasakeun islam bener - bener pinuh ku ROHMATAN LIL'ALAMIN..


                                                  MANUSA JEUNG AGAMA..


       Manusa teh aya SYAIDINA ADAM. AS aya oge BANI ADAM nyaeta katurunan NABI ALLAH ADAM. Manusa di hirupken piken jadi KHOLIFAH tur manusa di mulyaken ku zat laisa kamislihi syai'un, syifat kamulyaan ieu bakal timu bila mana manusa tumut kana tuduh ALLAH SWT.

ALLAH SWT, ngalengkapan diri manusa ku SIFAT oge TABI'AT salaku alat piken kahirupan dina lalampahan di dunya.
       Nafsu Manusa bisa ngaromak Gunung,,di tambah ku 'Akal piken nimbang satiap hkasiat nu aya dina perbuatan anu mudhorat, tur sanggup ngagali makna tersirat anu ngandung manfaat, di lengkapan ku panca indra oge panca driya sahingga bisa ngarenungan satiap nu di alaman ku panca indrana, diambah QOLBU salaku wawadahna RUH.
       Susunan Fa'al Ragana tina organisme anu nakjubken nu di lengkapan ku jasmani, kacida manusa di mulyakenna ku Zat anu maha sampurna, tapi saumpama manusa teu tumut kana arah tuntunan Zat nu maha kawasa bisa jadi sifat kamulyaan manusa lebur sahingga gampang di raksuk ku sifat Nafsu hewani, sahingga bisa jadi darajatna kalindih ku darajat mahluq sejenna, ku halna kitu urang Butuh Agama nyaeta Agama Zat laisa kamislihi syai'un. 

                                                        AGAMA JEUNG 'ILMU


        Nurut kana bahasa umumna Agama nyaeta Arah kapercayaan jadi manusa anu boga Agama nyaeta manusa nu boga kapercayaan, tapi kamana arah sifat percayana manusa, naha ka Zat laisa kamislihi syai'un nyaeta nu ngamilik asma Allah subhana hu wata'ala, atawa percaya kana sagala rupa mahluq ciptaanna, nyakitu deui ngenaan 'ilmuna, manusa nu boga elmu nyaeta manusa nu boga tuduh, tapi kamana arah tuduhna,,ku hal na kitu urang kudu taliti kana mesek Agama jeung 'ilmu.


                                         TIJAMAN MANA MANUSA BOGA AGAMA


        Kayakinan manusa boga Agama tijaman Nabi Allah Adam As, malah Nabi Allah Adam As nu pangheulana manggih kayakinan anu sanyatana dina Ber Agama, ku halna kitu kacida ecesna yen tuduh nu pinuh ku rohmatna nu maha sampurna nyaeta islam tos di jadiken Agama piken manusa oge sakum mahluqna, nu hayang ngagem Agama nu pinuh ku rohmatan lil'alamin, lamun nyukcruk galur Agama  Islam wiwitan (buhun ) nyaeta Islam anu di agem ku syaidina Adam As, ngawaris ka syaidina sis ka putrana said anwas ka putuna nyaeta nabi Idris teras ka Nabi Sahib teras ka Nabi Nuh, ti nabi Nuh ka handap manusa ngararampa dina neangan Agama, iwal ti manusa nu di lungsuran Wahyu ku Zat nu maha sampurna nu bisa nimuken Agama wiwitan nyaeta di antarana Para nabi hingga Nabi Muhammad saw, Agama islam buhun lewih ngungkap kana sifat tauhid, ari islam nu di sampurnaken lewih di bejer beaskeun sifat tauhidna sifat iman jeung taqwana tur di bejer beasken jeung cara ngalakuken sifat iman jeung taqwana nyaeta di gulungken sifat sare'at, thorekat, hakekat oge ma'rifat..sahingga sampurna Agama manusa dina Agama islam.


                                                                          AGAMA


 Agama nu di anut kumanusa aya dua rupa :


 - Agama : Samawi.nyaeta Agama anu di turunken ti langit ngaliwatan Wahyu Allah nu di lungsurken kapara rosulna, yen Agama Anu bener nyaeta Agama Allah tapi Agama anu leuwih bener nyaeta Agama nu di aku ku Allah dina kabeneranna nyaeta Agama Islam.

-  Agama ; Duniawi nyaeta Agama nu di garap ku bangsa manusa saperti animisme jeung sajabana,  umumna Agama Duniawi ge boga kitab anu eusina aturan - aturan ka Agama an tapi  materi nu di tulis lain wahyu Hahiyah ( teu ngaliwatan malaikat jibril ) ngan renungan pola pikir manusa biasa.
                                 

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Sejarah Nama Cinunuk Tutugan Gunung Manglayang

Tarali Kolot Tatar Pasundan(Djisim Khuring)